BASA SUNDA
RESUME BUKU “ NGALANGLANG KASUSASTRAN SUNDA” Karangan Ajip Rosidi Oleh Ismi Alawiah A. Priodisasi Sajarah Sastra Pananglutikan jeung mutala’ah ngeunaan sastra Sunda nepi ka kiwari masih keneh saeutik. Sangkan nu geus aya ge tacan nyumponan sarat-sarat ilmiah, boh sistematikana boh materina, masih keneh campur-campur antara pangajaran sastra jeung pangajaran ngarang. Masih keneh pabaur antara sajarah sastra, kritik sastra jeung teori sastra. Eta teh kusabab saacan nulis teu ditangtukeun heula wangenan-wangenana. Pananglutikan ngeunaan sastra dibagi kana tilu golongan nyaeta, teori sastra, sajarah sastra, jeung kritik sastra.