BASA SUNDA
RESUME
BUKU
“NGALANGLANG KASUSASTRAN SUNDA”
Karangan
Ajip Rosidi
Oleh
Ismi Alawiah
A.
Priodisasi
Sajarah Sastra
Pananglutikan
jeung mutala’ah ngeunaan sastra Sunda nepi ka kiwari masih keneh saeutik. Sangkan nu geus aya ge tacan nyumponan
sarat-sarat ilmiah, boh sistematikana boh materina, masih keneh campur-campur
antara pangajaran sastra jeung pangajaran ngarang. Masih keneh pabaur antara
sajarah sastra, kritik sastra jeung teori sastra. Eta teh kusabab saacan nulis
teu ditangtukeun heula wangenan-wangenana. Pananglutikan ngeunaan sastra dibagi
kana tilu golongan nyaeta, teori sastra, sajarah sastra, jeung kritik sastra.
Jaman
kiwari teh loba sastra-satra Sunda anu masih keneh pabaur jeung pangajaran
ngarang, kusabab loba keneh anu teu ngarti kana naon eta satrsa Sunda teh. Lain
sastra Sunda hungkul anu saeutik tulisana tapi sastra Indonesia ge anu geus aya
tulisana can tangtu bener masih loba keneh anu salahna. Sastra Sunda masih
keneh saeutik anu nulisna kusabab si penulisna bingung kudu nuliskn naona da
teu apal naon bae anu kudu ditulis kusabab satra jaman baheula atawa buktina ge
dianteupkeun nepika bulukan teu katumpuk-tumpuk, padahal sastra Sunda teh
mangrupakan katerangan kahirupan urang Sunda baheula.
Sajarah Sunda Jeung Sajarah
Sastra Sunda
Kulantaran
rea bahan anu tacan kakumpulkeun, atuh pananglutikan sajarah Sunda ge masih
keneh kosong. Para ahli walanda saeutik keneh anu neundeun perhatian kana
sajarah Sunda. Lolobana bangsa walanda nyaritakeun sajarah indonesia teh nyaeta
nyokotna mah tina sajarah Jawa, saeutik anu naluktik kana sajarah Sunda mah.
Supaya
menang gambaran anu tetela periodisasi sajarah Sunda meunang Adiwijaya jeung
Salmun teh yaeta:
1.
Periodisasi
R.I. Adiwidjaja
R.I
Adiwidjaja dina garis badagna ngabagi periodisasi sajarah sastra teh jadi lima
jaman, nyaeta:
·
Jaman Hindu dibagi dei jadi tilu alam:
Alam
Tarumanegara nu Adiwidjaja
Alam
Galuh
Alam
Padjajaran
·
Jaman Islam
·
Jaman Islam saeunggeus keuna ku pangaruh
Mataram
·
Jaman Beh dieu saenggeus keuna ku pangaruh
Kulon
·
Jaman kaayeunakeun saeunggeus kena ku
pangaruh peperangan
2.
Periodisasi
M.A. Salmun
M.A Salmun dina bukuna Kandaga Kasusastran tea
ngabagi-bagi sajarah kasusastran sunda kana dalapan periode:
·
Jaman hindu, mangrupa prasasti-prasasti
dina batu
·
Jaman Galuh, teu puguh iraha-irahana
dina batu ditulis aksara sunda baheula.
·
Jaman Pajajaran anu tuluy dibagi dua
yaeta pajajaran awal jeung pajajaran akhir.
·
Jaman Islam jeung Mataram
·
Jaman Baheula
·
Jaman sepuh
·
Jaman Parahiangan
·
Sabada perang dunya II
B.
Priodisasi
Sastra Sunda
Kecap
sastra teh mangrupakeun kecap anu asalna “castra” (bahasa sansekerta) nu
hartina hukum, aturan, pelanggeran. Jadi sastra mangrupakeun hiji cabang
kesenian anu ngagunakeun bahasa minangkala mediana. Fungsi sastra pikeun jaman
masyarakat jaman buhun nyaeta teu bisa dipisahkeun tina upacara-upacara ritual
manusa nurutkeun kana kepercayaan. Dina alam pakuan pasantren sastra teh jadi
media pikeun ngadidik manusa kana bagbagan agama. Periodisasi sajarah sastra
Sunda teh diantarana nyaeta:
1.
Jaman Buhun, hasil sastra rakyat anu teu
kapanggih pangarangna.
2.
Jaman kiwari, hasil-hasil alam Sunda
dijajah mimiti ku Mataram nepika jepang.
3.
Jaman Kiwari, sabada merdika, hudangna
deui jiwa jembar Sunda.
C.
Carita
Pantun: Lutung Kasarung
Salah
sahiji sastra Sunda anu asli nyaeta pantun. Pantun nyaeta hiji kasenian Sunda
anu kiwari mah geus langka pisan. Tapi ayna mah geus loba anu nyieun
ngamoderenkeun pantun. Umumna rangkai carita pantun teh anggeur bae nyaeta
dimimitian ku Raja Pamuka, ditema ku mangkat carita, nataan karajaan jeung nu
boga lalakon, tidinya tuluy ngalakonan. Contoh bait carita pantun lutung
kasarung:
Ngeureunkeun anu sakeudeung
Ngabebeda anu keur ngora
Pulang poe tuluy mondok
Nu ngaliwat kaedanan
Lain bogoh katinuna
Bogoh katingkah anu ninun
Heunteu jadi soal anu ninuna, naha purbararang jeung
adina dina lalakon lutung kasarung atau Nyi dewi Asri dina lalakon mundinglaya
dikusumah atawa putri sejena, unggal putri anu ninun biasana di gambarkeun ku
cara kitu.
D.
Haji
Hasan Mustapa : Silanglang lalayaran
Haji
Hasan Mustapa hiji satra anu moal bireuk deui pikeun orang Sunda, dimana
masyarakat Sunda nganggeup anjeuna bujangga Sunda nu pangluhurna. Loba tulisan
Haji Hasan Mustapa anu dimuat tina harian, tapi loba oge anu mere komentar
tulisana bisa kaharti lain ku jalma biasa, padahal dimana mana ge tulisan mah
kudu kaharti ku manusa dan sastrawan ge manusa.
Ari para ahli Sunda teh umumna mesek hasil sastra Sunda teh ngarasa
cukup ku muji purwakantina atawa jumlah engang dina unggal padalisan. Pamadegan
jeung anggeupan kana sastra cara kitu teh kiwari oge masih keneh rea dianut ku
jalma-jalma nu nganggeup dirina ahli sastra Sunda. Mangsa harita pageuh pisan
urang Sunda nyekel pamadegan yen kaendahan puisi teh mangrupakeun padika mati
dangding.ditidnya tuluy tibul anggeupan yen nulis puisi teh ngan ngeusian pola pupuh anu geus puguh tea ku basa-basa
jeung kecap anu arendah.
Nya
dina situasi sastra cara kitu, Haji Hasan Mustapa ngadangding, sok sanajan
anjeuna ngagunakeun wangunan dangding anu mati kawengku padika-padika jeung
aturan-aturan anu sifatna mutlak, dangding Hasan Mustapa anggeur hegar serta
teu leungiteun spontanitana. Pola dangsing ku Hasan Mustapa dianggeup ngan
wungkul minang ka unsur estetika puisi, lain padika mati anu rereana sastrawan
Sunda mangsa harita sagala-galana tina puisi, nya patokan, nya dadasar, nya
tujuan. Dangding mah sok sanajan pupuh naon, kudu terus jeung rasana. Jadi nya
kumaha rasana nya kumaha eusina. Contoh Hasan Mustapa ngagunakeun babandingan anu
khas Sunda:
Mun aing suhud ka iwung
Tandaning lain ka awi
Susah keur nganyam ayakan
Eleh ku ngeunah sakali
Ngarasa kurang keur kurang
Butuh keur anyaman bilik
E.
Haji
Hasan Mustapa: Hiji Fenomena Manusa Sunda
Tahun
1960, Deungeutna dina waktos mieling mendak
taun nu ka 30 haji hasan Mustafa(HHM). Acara meiling harita di ayakeun
ku awak-awak Galih Pakuan nyaeta lingkungan jalma-jalma anu mikaresep ka HHM
sarta sok nyarebut maranehna murid-muridna HHM. Sanajan Dina seratanana 144
patakonan jeung jawabna (anu ku M.Wangsaatmadja almarhum dijudulan syeh nur
jaman) HHM nandaskeun yen anjeunna mah teu wasa
ngamuridkeun (mapatahan deungeun)
Acara
mieling HHM biasana ngan ukur riungan interan bae anu biasana di vokalan
ngajeujeuhekun riungan-riungan ku
aktivis galih pakuan nyaeta M, Wangsaatmadja anu di sebat minangkan
“sekretaris” HMM. Sajeroning genep taun pangahirna yuswa HMM, anjeunna
sabisa-bisa ngingiclik kamana HMM angkat sarta nuliskeun naon-naon bae
kasauranana HHM. Sabagian seratanna kungsi dicitak. Kusabab aya kasauran HMM ka
MW nu nina, “tulisan-tulisan kami tong diduitkeun”, janteun buku-buku leutik
anu dicitak teu nyebar di took-toko, mung dibagikeun ka lingkungan khusus anu
pamulangna ngan saukur ngagantian waragad nyitakna bae. MW nyaeta jalmi anu
ngajaga kana seratan-seratan HMM. Anjeunna ngoleksi naskah-naskah HHM anu
panglengkapna. Anu dimana seratan eta sataun sakali nyaeta dina waktos mieling mendak taun pupusna HMM
nembe di tembongkeun ka anu hadir dina acara eta.
Dina
taun 1961, ku pokalna BPB Kiwari Drs, Moh, Amir Sutaarga nu ngawakilan museum
pusat PDK Jakarta, babadamian jung jawatan kabudayaan pusat pikeun nyalin
sakabeh serata-seratan HHM anu aya di Mw pikeun di simpen dina koleksi museum.
Masing-masing seratanna di ketik lima rangkep, hiji keu koleksi museum, hiji
keur jawatan kebudayaan pusat, hiji keur jawatan jabar sarta nu dua deui keu
MW. ngan dina waktos harita realilasi “proyek” ieu teu puguh dongengna, seratan
anu parantos diketik duka dikamanakeun sawareh masih aya di bumi MW salaku
pewaris aslina tapi sawarehna teu puguh dimana-manana, wallahualam. Tangtuna
bae ari hadena mah eta naskah-naskah disimpen dihiji museum khusus, museum HHM.
Tahun
1969 waktos kuring ngumbara disumedang aya tukang cukur dijalan caipada nu bari
nyukur the sok ngagorolang ngahiringkeun dangding guguritan HHm. Apaleun! Eta
hal nembongkeun yen karya-karya HHM dipikareseup ku balarea. Naon pentingna
naskah-naskah HHM keur urang? Penting sabab HHM te hiji bujangga sunda, anu ku
sawatara ahli mah teu asa-asa digelaran Ki Ageng.
Ngenaan
seratan HHM ieu hal leuwih penting pisan, sabab tokoh HHM the tokoh anu
kontroversial, sawareh aya anu ngugung-ngugung bebeakan, sawareh deui aya anu
nganggap HHM hiji ulama mahiwal, ahli mistik ngaco, ahli kabatinan nu teu
mustahil mawa urang kana ma murtadan, jeung saterusna. Dugika kiwari teu aya
anu kungsi maluruh, nitenan, nalungtik, neuleuman kana seratan-seratan HHM
kabeh. Jalma-jalma ngan saukur pro atawa anti-HHM bari jeung teu kungsi wawuh
wanoh enya saha sarta kumaha ari HHM saenyana.
Ayana
usaha para mahasiswa jurusan basa jeung sastra sunda kiwari mieling wewetonna
HHM penting kedah maruluh kana karya-karya HHM sabab HHM najan kumaha, HMM the
hiji fenomena. Fenomena penting sabab dina jeroning yuswana nu kirng langkung
80 taun the, HMM nyerat naskah pirang-pirang. Diantawisna dangding, peadaran,
Tanya-jawab, surat-surat jeung sajabana.
F.
Wawacan
: Purnama Alam
Wawacan
teh lain bibit-bibit pituin Sunda, ari wawacan sanajan pada-pada wedalan wetan,
siganamah asupna heunteu ngaliwatan jalan anu di sorang.bisa jadi dangding
minangka wangunan karajinan mah, dipika resep ku para menak jeung priayi anu
nganggap dirina ahli. Motif anu pangdipika resepna tina wawacan teh nyaeta putri
anu geulis dipika bogoh ku putra raja anu kasep, perang anu rame jeung
sajabana. Sacara wangunan wawacan teh saeunyana teu kawengku ku eusi nu
dicaritakeunana. Heunteu katalian kulalakon. Buktina kapan aya wawacan perang
leutik di Sumedang anu bukti historis jeung sajabana ti eta. Rereana lalakon di
wawacan teh saduran lain asli. Kabeh oge wawacan teh dianggit diapik-apik
unggal pangarangna nembohan mamanis basa jeung purwakanti pabisa-bisa,
ngagambarkeun lalakon pasiga-siga meh kabehanana mangrupa bacaan panglipur
pikareuseupeun.
Tapi
sabalikna oge dina prakna kabehana oge silih paling, silih turun, babakuna dina
deskripsi kaayaan alam. Dina enggoning nenagan purwakanti anu ngaloncrang, para
pangarang anu ngaranggitwawacan teh sering ninggalkeun logika anu waras, nepika
rea panataan anu mun disidik-sidik mah bakal tetela papalingpang pisan jeung
kanyataan.
Tapi
memang lamun urang maca wawacan urang geus kudu taki-taki wani ninggalkeun
sagala logika jeung kahirupan nyata. Cindeknamah ngan kujalan luas ninggalkeun
hal-hal luas anu manjing akal bae, urang bisa resep macaan wawacan teh. Jadi
mun kiwari aya jalma anu nyieun wawacan dina kaayaan pangangguran nu suasanana
sarua jeung wawacan Purnama alam atawa rengganis teh paling-paling kudu
dianggep jalma anu jiwana teu kaur lilir da hirup dialam anu saenyana geus
kalarung.
Dina
wawacan purnama alam urang dibawa kunu ngarangna kaalam jauh deukeut anu
katalikung ku ngaran-ngaran tempat anu samemehna wawuh atawa pernah kadenge
salila hirup sapopoe. Purnama alam teh lain carita salancar. Boh leunjeuran
lalakona, boh panataan-panataana, aya anu sifatna pmangrupakeun perlambang
kahirupan manusa.
G.
D.K
Ardiwinata : Baruang Ka Nu Ngarora
Kitu
tungtungna jalma anu ngalanjur nafsu, matak sangsara kana diri, nyusahkeun ka
kolot-kolot. Kitu ungalna kalimah panungtung dina carita baruan ka nu ngora.
Carita eta tujuana pikeun ulang ngagugulung nafsu anu matak ngadorakakeun kana
diri sorangan. Pangarang dina carita naon bae pasti nyantumkeun nasehat atau
amanatna atawa maksud jeung tujuan. Naon wae maksud jeung tujuan pangarang dina
carita, nyaeta, hiji, pikeun mamatahan jeung ngadidik. Kadua baheula mah anu
ngarang carita teh guru wedalan Raja.
Cara
umumna dina roma-roman jeung karangan liana tina basa Sunda nu karasa pisan
jadi kelemahan dina baruang nyaeta kurang ngayakinkeun gambaran-gambaran
perwatek jelema anu ditokohanana.umumna dina roman-roman Sunda mah kurang
memperhatikeun faktor psikologis. Sanajan teu pati katara, tapi teu kakurang
teh karasa deih dina baruang oge.
Dihandapa
contoh carita baruang ka nu ngarora nyaeta:
Ari geus bobogohan mah Si Piah jeung
si Aom Usman, taya taksiran, iraha papanggihna da adat pasar mah tara aya
lanjang diumbar, turug-turug teu aya pisan urutna. Ari anu bogoh tea
kapamajikan aing, tangtu loba da puguh geulis. Si Piah wae ge tangtu bogoh
nenjo Aom Usman kawantu sakitungalenggerengna. Ari jelema tea awewe lalaki pada
boga sahwat, lalaki nenjo anu geulis bogoh, awewe nenjo anu kasep tangtu bogoh,
eta mah teu jadi salah.ulah soteh mun ngahaja neges-neges, ngarah nghudangkeun
syahwat. Sumawona mun jeung prakna laku goreng. Ngan eta matak sebel teh Aom
Usman ku ngahajakeun, make ngadeuheuman jeung ngajak seuri , ieu aing putra
menak teu nyagap angen sorangan. Ah, keun bae sakitu-kitu bae mah, jamak,
itung-itung sidekah.
H.
Yuhana
: Protes Sosial
Yuhana
anu ngaran aslina Ahmad Basah nyaeta pangarang sunda luareun bale pustaka anu
kaasup pangproduktifna, anu aktif jadi pangarang salila lima taun.
Carita-carita Yuhana umumna ngagambarkeun kaayaan masyarakat Sunda mangsa
harita. Nyaeta masyarakat feodal jeung kolonial, sacara sadar Yuhana dina
buku-bukuna ngalakukeun protes sosial. biasana sacara teu langsung tapi seuring
oge sacara langsung kujalan nginjeum letah palaku caritana.
Aya
hiji hal anu karasa paradoksal anu sering nyampak dina roman-roman sosial.
nyaeta sok sanajan pangarangna ari dina dasarna mah mikangewa jeung mika
ceuceub pamarentah walanda anu simpatik. Roman karangan Multatuli anu
nembongkeun simpati anu luar biasa tur nembongkeun sikeupna anu teunenung
enggoning ngabela nasib rahayat pribumi, ngadakwa kakeujeuman jeung kebengisan
parentah walanda.
Umumna
nu jadi jejer karangan-karangan Yuhana teh kasangsaraan rakyat leutik nunteu
wakalaya diperes ku kaom the haves anu
diwenangkeun ku struktur sosial alam harita. Tokoh-tokoh rea nu mangrupa
gambaran tragis kahirupan jelema nu jadi korban struktur sosial harita, contona
tokoh Imas dina Carios agan permas apan mangrupa tokoh tragis anu jadi korban
struktur masyrakat kolonial anu teu adil.
Meh
kabeh tokoh dina carita karangan Yuhana mah jelema-jelema anu teu bisa walakaya
dikakaya ku kaayaan. Jelema-jelema melarat anu jadi korban panandasa katut
katelenges jeung kabengis anu lian. Sacara pribadi Yuhana mapatkeun maneh dina
pihak nu walurat.
Harti Yuhana gegedena tina jihad historis jeung
sosial roman-romana mangrupakeun protes
sosial jeung gambaran masyarakat feodal kolonial mangsa anu ngarana hirup
nyaeta dina taun lilikuran. Ku eta oge cukup alesan pikeun mere tempat khusus
pikeun ngabhas buku-bukuna dina buku pedaran ngeunaan kasustraan Sunda mah.
I.
G.S.:
Dogdog Pangrewong
Dina tahun 1930 ballai pustaka
ngaluarkeun hiji bunku anu judulna Dogdog Pangrewong, eusina tujuh carita
pondok karangan G.S. atawa G. Kawandakusuma anu pernah jadi wadana disalah
sahiji kawadanan Sunda. Sakaterang mah
dogdog pangrewong teh kumpulan carita pondok anu munggaran di Indonesia, lain
saukur di Sunda. Dalah dina karangan basa Indonesia oge karangan M. Hasim anu
judulna Taman Duduk. Cara M. Kasim
ngarang carita-carita anu tuluy dikumpulkeun jadi taman duduk tea, pangjurung
anu matak G.S ngumpulkeun sarta nyusun carita-caritana oge lain kasadaran
nyastra tapi estuning ngan wungkul hayang nyusun carita saibat pilandongeun anu
eusina tiasa ngaleungitkeun sagala rupi kasusah. Hakekatna G.S dina carita
dogdong Pengrewong teh nyaeta nuluykeun tradisi dongeng lucu. Carita anu mimiti
“Lembu”, anu nyaritakeun aki Bogem nu sieuneun ku oray masang jiret. Lulucun
anu sakitu basajana teh dicaritakeun kalayan maher.
Dina carita “Jin” jeung “guguyon
Dina Bulan Puasa” G.S nyaritakeun lingkungan hirup amtenar BB dina awal abad ka
20-an. “Jin” nyaritakeun juragan wadana anu resep heureuy tamba keueung pedah
dikantunkeun ku garwa tuluy ngaheureyan
upasna nu borangan. Sedengkeun carita “Guguyon dina bulan puas” diwangun ku
sababaraha carita anu lucu dilingkungan kawadanan jeung kabupaten dina bulan
puasa.
Ari umumna mah lulucon dina Dogdog
Pangrewog teh nengah teu kasar. G.S enggoning milih pikeun bahan lulucon teh
babakuna nyandak tina watek, sifat, adat tabeat jeung saat-saat psikologis
manusa. Dogdog pangrewog mah boga hartian kembar, nuluykeun sarta ngamekarkeun
kalawan positif tradisi lulucon Sunda dina pantun, dongeng-dongeng lucu jeung
sapadana, jadi mulusara jeung numuwuhkeun nu heubeul, sarta nyontoan
ngagunakeun wangunan sastra anyar, nyaeta wangunan carita pondok, nu make
dasar-dasar moderen.
J.
Raden
Memed Sastrahadiprawira
R.
Memed S dibabarkeun di Manonjaya, Tasik dina kaping 18 maret 1897. R. Memed teh
anu naji kasustran Sunda mimiti dina kongres basa Sunda nu munggaran diayakeun
dina taun 1924 di Bandung, waktos anjeuna ngaoskeun dangding ciptaana. Dina
kongres Basa Sunda nu kadua oge anjeuna jadi pusat perhatian batur sabab
anjeuna maen jadi utusan Sultan Mataram. Lain kusabab ngiluan wae kongres basa
sunda manehna terkenal tapi oge kusabab loba karangana.
Pamadegan
R.memed ngeunaan kasustran dieceskeun dina eseyna “kasusastran Sunda” nyaeta
karangan-karangan anu sarae basana, boh dirakit dangding boh diruku wae,
sunggining buahna kabinangkitan nu ditembongkeun kasaenana ku basa. R. Memed
minangka sastrawan, gugon kana kabiasaan dalang anu ngudal piwulang. Ari jelma
anu utama tea cek R. Memed mah nyaeta anu gede karumasa sarta anu satia kana
tetekon ngajalankeun rupa-rupa kawajiban jeung pituduh nu geus ditangtukeun ti
barang gubrag kadunya nyaeta darahna.
Teu
mustahil R. Memed nu munggaran neundeun katineung kalawan daria kana pangaweruh
sajarah teh. Bukuna sajarah tanah jawa mangrupa usaha nu munggaran nyusun
sajarah lemah cai kalawan ngagunakeun sumber-sumber sajarah anu bisa dipercaya.
Katimneung jeung karesepna kana sajarah, gede tapakna dina karya-karya sastra.
Bisa jadi R.Memed teh sastrawan anu munggaran mungguh dina basa Sunda mah, anu
pikeun nyusun carita-caritana ngagunakeun cukrukan sajarah heunteu kudu
dipasualkeun heula bisa ditarima heunteuna sacara ilmiah mah.
Dina
pihaturna kana sempalan Babad Cikundul, Memed nerangkeun naon sababna pang
anjeuna ngareka eta gending kresmen nyaeta hayang nambahan katerangan urang
Sunda tina hal babad, maksudna supaya urang Sunda ngeunteung ka karuhuna, sarta
boga jiwa ngawula sarta ngelingan urang Sunda oge.
Kulantaran
ceuk pamadegan R.memed manusa teh aya nu murba sarta murbana lain rempakeun
lain lawaneun, atuh hirup teh kudu nyumponan tetekon anu sakieu moal aya
mamalana kana diri, malah mawa kautamaan.
K.
Mohamad
Ambri
Mohammad
Ambri dibabarkeun di Sumedang dina tanggal 8 september 1892. Mohammad Ambri teh
orang Sunda anu hirup make padika jeung tetekon kasundaan. Dina karangan Moh.
Ambri tara mawa sikeup peupeuleukeuk guguruanan cara umumna para pangarang
Sunda anu sajaman. Dina karangan-karangan Moh. Ambri lain kaendahan basa anu
kudu diteangan sabab moal aya, tapi kaendahan basa cara susunan basa anu pinuh
ku kembang jeung direumbeuy ku basa kawi anu ngoncrang sorana tapi teu matak
ngadeukeutkeun anu ngarang kana maksudna. Kaendahan basa cara kitu anu dina
harita mah mutlak jadi cecekelan para sastrawan jeung bujang sunda, tapi
Moh.Ambri mah beda deui manehna bisa kaluar tina aturan jeung padika tata basa
anu dibenerkeun ku juragan guru.
Kaendahan
basa Ambri mah nyaeta kaendahan anu sumirat tina kabasajanan kecap anu merenah
tur boga fungsi anu esensial dina wangunan imajinasina. Basa Ambri mere
gambaran langsung kanu maracana ngeunaan naon anu dipimaksud kunu ngarangna
kalawan heunteu karasa deui yen eta gambaran ditepikeun ku basa.
Kaendahan
basa karangan-karangan Moh. Ambri henteu statis tapi dinamis. Kaendahanana lain
kaendahan anu geus dialas ditangtukeun ku padika-padika mati, kaedahanana lain
kaendahan nu dirumuskeun dina palan-apalan barudak sakola, kaendahan langsung
kaendahan hirup jeung kahirupan manusa.
Bedana
ti para sastrawan Sunda jeung Moh.Ambri nayeta Moh.Ambri mah resep
ngagambarkeun alam nyata kahirupan jamana sacara jujur. Jujur dina harti
enggoning ngagambarkeun manusa-manusana, manusa Sunda teh estuning saujratna.
Dina karangan-karangan anu jumlahna teu saeutik Ambri geus nuliskeun
jenenganana dina sajarah sastra Sunda ku mangsi emas, tur moal aya urang Sunda
anu sadar yen dirina urang Sunda bari jeung daek ngajenan sastra Sunda anu
bireuk kana jenenganana.
L.
Caraka:
Neangan
Diantara
para pangarang nu geus moyan mangsa samemeh perang, teu rea anu kiwari masih
keneh aktif nulis. Komo deui anu nembongkeun kamajuan babakuna dina beuki
matengna ajen sastrana salah sahijina Sjarif Amin jeung Wiranta. Dina
karangan-karangan sabada perang, faktor esensi buku beunang disebutkeun
leungit, nu tingal suasana puitis anu sublim disinaran ku humor nunembongkeun
kajembar hate nu ngarangna. Waktu
lembaga Basa jeung sastra Sunda munggaran ngayakeun pasanggiri ngarang carita
pondok taun 1953, Wiranta meunangkeun hadiah anu kadua nyaeta kucaritana hoskut.
Neangan
ngamuat tilu carita pondokjeung hiji roman pondok.numimiti judulna neangan
mangrupa mutiara anu pangendahna, ditema ku pacul
anu ironis, sarta pikun anu realitas
ngagambarkeun kaum o-ka-ba (orang kaya baru). Tapi opatana ge didasarkeun ku
hiji kasadaran sosial anu sarua, ngagambarkeun kabingung manusa Sunda kiwari nu
keur pada nenagan cecekelan.
Ditinggal
tina jihatnamah judul neangan teh ngawakilan sora dasar opat carita anu dimuat
didinya. Carita anu mimiti, anu judulna neangan anu ngagambarkeun manusa kota
si “kuring” anu ngarasa teu sugema ku kahirupan anu sagala kawengku ku kudu,
kulantaran katalikung kupagawean nya nepika nelek maneh. Dina carita nu kadua
anu judulna pacul, barobahna pakumbuhan buhun teh digambarkeun pangarang
kalawan ironis. Carita anu katilu pikun, heunteu ngagambarkeun kahirupan
kampung tapi kahirupan kota, sarta lain kahirupan samaneaurang kota, tapi
bumina juragan Astra anu beurat beunghar kauntungan tina dagang.
Roman
pondokna minantu, karikatur urang kampung nu hayang minantuan ka tentara,
dibelaan ngajual munding sarta ngirimkeun anak parawanana ka kota. Hadena deui
anu nyambut teh pada mamanggul bentang kapten. Tapi teu ku henteu kaptena
kapten palsu, tukang tipu anu gaku-ngaku kapten sarta nyanggupan bisa
ngadatangkeun kanteh pikeun sawatara pabrik tinun.
Karangan-karangan
caraka mangrupa ironi jaman, nu digambarkeun manusa-manusa sunda sacara teu
sadar jadi korban struktur sosialna, mikahayang anu moal bisa kahontal ku
manehna. Manusa-manusa basaja anu kabandang caah ditengah-tengah paneka dunya,
dasar-dasar buhun geus eunyeuh, neangan gantina anu ajeg pageuh nutacan
nyampak.
M.
Rusman
Sutiasumarga: Papacangan
Rusman
sutiasumarga teh leueih deukeut ka para pangarang anu ku M.A Salmun mah disebut
Parahiangan. Tapi lamun di golongkeun
menurut sastra mah leuwih merenah para pangarang sabada perang. Dina tahun 1956
Rusman mimiti nulis carita pondok ku basa Sunda. Dina Basa Sunda mah
carita-caritana leuwih hirup jeung leuwih hurip.
Basa
sunda anu dipake ku Rusman pinuh ku tanaga-tanaga ngagambarkeun, sakapeung
ngingetkeun kana basa karangan Moh. Ambri. Basa Sundana kacida bedana jeung
basa Sunda umumna para pangarang ngora. Ieu mah teu kapangaruhan ku jalan basa
jeung jalan pikiran basa Indonesia kulantaran Rusman mah geus ti baheula diajar
mikir jeung ngedalkeun rasa katut pikirana dina basa Sunda.
Carita
pondok Rusman lain mang sakadar mangrupa ngagulidagna emosi anu teu kakadalian.
Taoi mangrupa kristalisasi tina hirup anu herang ngagenclang. Carita-carita
pondokna henteu kur sakadar ngagambarkeun diri utama barudak puber anu kakara
bisa diajar nyebut “didunya teh aya kuring”tapi mangrupa eunteung kahirupan anu
jembar, ngagambarkeun masalah-masalah anu disanghareupan ku manusa (sunda)
sabada perang.
Ditilik
tina jihat ieu, carpon Rusman tina basa Sunda karasa leuwih ungguh manan carita
pondok anu dina basa Indonesia anu geus dibukukeun tea. Dina basa Sunda sok
sanajan ngagambarkeun katugenah jeung sangsara manusa korban perang karasa
leleb teu pinuh ku jumeritna jiwa meredih kaadilan anu sakapeung karasa
epemeer. Ayeuna carpona nukabehna ngan lima geus dibukukeun nu judulna
“papacangan”. Papacangan teh salah sahiji judul carita anu dimuat dina eta
kumpulan diteundeun pangharepna, anu dianggap panghadena. Papacangan mangrupa
sketsa anu kalawan eces ngagambarkeun barobahna masyarakat Sunda.
N.
Tini
kartini : Jurig
Tini
Kartini mangrupakeun sastrawati sunda anu sok nyieunan carpon. Salain ti carpon
oge Tini sok ngadamel sajak. Sanajan masih nembongkeun sawatara kakukrang nu
umum di anu ngamimitian, tapi kumpulan carita pondokna Jurig mangrupa sumbangan
anu gede hartina kana kamekaran carita pondok Basa Sunda. Kumpulan caritana di
judulan jurig kulantaran carita anu kitu anu dimuat panghareupna sarta
mangrupakeun carita pondok anu pangalusna.
Naha dina carita jurig teh emang asli jurig teh
aya atawa henteu? Pangarangna ngan kur nyaritakeun hal anu sering kajadian di
lembur Sunda. Pangarangna teu pipilueun ngayakinkeun atawa ngbohongkeun ayana
jurig. Pangarangna teu mere jawaban kana eta pananya, ngan kur babarengan
maluruh alam nyata jeung alam gaib. Tapi pangarangna kalawan kuat pisan geus
nyuguhkeun kahirupan anu karasa hurip, kasar, pinuh kupananya jeung rahasia
gaib anu ti jaman Adam nepika kiwari masih keneh mangrupa masalah anu teu
kajawab ku akal.
O.
Sajudi
: Lalaki Di Tegal Pati
Istilah
jeung wangunan sajak kungsi ngageumpeurkeun dunya kasusastran Sunda, jadi bahan
polemik anu teu beak-beak. Nu dimaksud ku “sajak” didieu nyaeta sajak bebas anu
dina bahasa Indonesia mah sajak hartina puisi umum. Sajudi lain anu moloporkeun
nulis sajak dina Basa sunda. Sabab menehna nulis sajak dina tahun 1955. Sabada diayak deui kalawan ditaliti
sajak-sajak Sajudi kiwari dikumpulkeun sarta dikaluarkeun mangrupa hiji kumpulan
sajak anu judulna”lalaki di Tegal Pati”. Lalaki ditengal Pati teh ngaran judul
panungtung anu dijadikeun judul sakumna sajak-sajak dina eta kumpulan, lain bae
ngawakilan sora dasar sajak liana, tapi oge ngagambarkeun teuneung penerbitna
ku ngaluarkeun kasusatraan Sunda.
Dina
puisi Sajudi aya dua hal akarna nanjeur dina kahirupan Sunda buhun. Nu kahiji
nyaeta wirahmana, purwakantina, jeung imajinasina. Sajak lalaki di Tegal Pati
nyaeta sajak anu mangrupakeun epik. Sajak-sajak Sunda umumna lirik, komo dina taun-taun
mimiti ieu wangunan sastra diwanohkeun dina basa sunda mah. Teu mustahil lamun
etateh dilantarankeun ku sabab hayang dibedakeun jeung wangunan dangding anu
umumna efik(wawacan).
Lalaki
di Tegal Pati ngagambarkeun kateuneung kaludeung sinatria Sunda nu tutumpuran
ngabela ajen diri jeung kahormatana, sacara simbolis oge ngagambarkeun
kateuneung kaludeng panyajakna dina enggoning nyanghareupan hirup tarahal nu
digurat kutangara durma.
Komentar
Posting Komentar